Kamis, 29 Januari 2015

Contoh Sajak Sunda - Cipanon Gaza

Cipanon Gaza

Cipanon mangtaun-taun anu teu eureun
Kapsul gede ngalayang di awang-awang
Napsu dunia ngabalukarkeun kapeurihan
Rek nu rempo, nu jag-jag, nepi kanu leutik bajuang keur nagarana

Sora-sora nu teu merenah 
Ngorejatkeun Gaza Timur Tengah
Wer… cai bereum rempag ti awak
Jiwa jeung ragana paparisah


Jalma lir cangegar
Koceak neang pangbalikan
Dunya lolong kosong kawatir
Leungeun bungangang kauyahan

Kasedih ngabalukarkeun kakuatan
Keur ngabela nagarana
Marawa bedil geus biasa
Nu penting hatena tiis

Buka akal jeung rasa tina sarungna
Tong nganggep ngan hideung jeung bodas
Loba beja, loba pandangan
Teu kawas dua sisi recehan

Arah kiblat mimiti umat
Anu dilahun ku panyaangan
Pangeran moal mupus kawelasan
Kana kadekan makhlukna dina ngadegkeun panji Tauhid

Lemah cai nu pinuh ku katentraman
Riuh ku riungan makhluk pangeran
Nu keur sujud ka anjeunna
Minuhan tempat sujudna




Kelompok 2

Annisa M.J.
Dinan F.F.A.
Hafidh A.B.
Refi F.M.
Rifo A.G.
Salwa N.F.
Widara A.I.

1 komentar:

Unknown mengatakan...

teman-teman ini teks sajak sunda buatan kelompok kami, dan ini merupakan tugas kami ketika semester 1.semoga bermanfaat ya ^_^
follow juga @salwa_nfaiziya

Posting Komentar