Sabtu, 07 Februari 2015

Sunda - Laporan Tèks Dèskripsi

Tèks Dèskripsi




Kelompok 3 :
Ahya Sularasa
Alifathia Sakina
Alya Luthfiyani H.
Intan Uswatun Hasanah
Jeni Mujayanah
Mohamad Januar R.
Salwa Nur Faiziya
Siti Asyifa S. N.
Umar Triwijoyo


XI-MIA 1


SMA NEGERI 1 GARUT
v  Wangenan
Tèks dèskripsi nyaèta tulisan atawa karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngèbrèhkeun kagiatan indra (panèmpo, panguping, pangrasa, panyabak, pangambeu) minangka hasil pangalamana. Karangan dèskripsi ngagambarkeun objèk sajèntrè-jèntrèna.

v  Lèngkah - Lèngkah Ngajieun Tèks Dèskripsi
1.       Nangtukeun atawa milih tèma topik karangan
2.       Netepkeun tujuan
3.       Ngumpulkeun informasi
4.       Ngajieun karangka tulisan
5.       Ngembangkeun kerangka karangan

v  Pola Pengembangan Teks Deskripsi
a.       Paragraf Dèskripsi Spasial, paragraf ieu nggambarkeun objek hudus ruangan, benda, atawa tempat.
b.      Paragraf Dèskripsi Subjèktif, paragraf ieu ngagambarkeun objek saperti tafsiran atawa kesan rarasaan panulis.
c.       Paragraf Dèskripsi Objèktif, paragraf ieu ngagambarkeun objèk saayana atawa sabenerna.

v  Ciri-Ciri
a.       Mèrè gambaran ngeunaan hiji barang, tempat, jeung suasana.
b.      Panggambarana dilakukeun sajelas-jelasna ngagunakeun panca indera.
c.       Ngabogaan tujuan saolah-olah pamaca bisa ngadèngè, ningali, atawa ngarasakeun naon anu di dèskripsikeun panulis.
d.      Ngèbrèhkeun ngeunaan objek anu di dèskripsikeun, bisa mangrupa warna, watek, jeung sajabana sacara rinci.

v  Wanda Teks Deskripsi
a)      Dèskripsi Èkspositoris
Deskripsi ieu ngabogaan tujuan pikeun ngajelaskeun hiji hal ku perincian anu jelas sakumaha ayana teu nekankeun unsur imprèsi/kesan atawa sugèsti ka pamaca. Bahasa nu digunakeun nyaèta bahasa pormal jeung lugas. Tèks jenis ieu ngandung daptar detail hiji hal sacara lengkep sehingga pamaca jeung penalaranna bisa meunangkeun kesan kasaluruhan ngeunaan hiji hal.
b)      Dèskripsi Artistik/Imprèsionistik
Dèskripsi ieu tujuana pikeun meunangkeun tanggapan èmosional pamaca tur kesan pamaca. Ciri khas dèskripsi ieu diantarana ditangtukeun ku ragam kesan anu dipikahayang ku panulis. Dina hal ieu kesan-kesan èta tèh bisa  diurutkeun sacara kronologis, lokasi, klimaks, jeung antiklimaks. Salain èta pamilihan kècap anu pas tèh penting pisan. 

v  Struktur Dèskripsi
1.       Idèntifikasi à panantu atawa panetep idèntitas hiji jalma, benda, atawa sajabana.
2.       Klasifikasi à sistem panyusunana mangrupa kelompok atawa golongan nurutkeun kaèdah atawa standar anu ditetepkeun.
3.       Dèskripsi bagèan à bagèan tèks anu eusina ngeunaan gambaran bagèan dilebet tèks

v  Conto Dèskripsi Damelan
Ucing Andalemi
                                Abdi gaduh ucing pèrsia pamasihan ti uwa namina entut, lahir di garut 5 nopèmber 2013. Boga kembaran ngarana entet tapi si entet mah cicing na di teun uwa. Si entut tèh sok kabur ti jam 8 berang nepika magrib datang datang barang dahar. Si entut ogè boga nu teu di pikaresep nyaèta teu resep di pangku, di kèncrètan cai, jeung di tiupan. Nu di pikaresep ku entut nyaèta nèngan cakcak, nyoo cucunguk, resep susu jeung ès krim.
                                Ciri khas si entut panonna bolotot warna konèng , irungna mancung, buntutna alus jeung panjang,buluna ogè gomplok. Kalakuan si entut tèh baong osok nyoo wadah runtah, sok tuak taèk, jeung sok ngoèt lamun di heureuyan. Biasana entut osok di mandian sabulan sakali, di bèrè dahar 4 kali dina sapoè, si entut ogè sarè na sok dimana waè kadang di kasur di kandang sorangan atawa di korsi. Si entut kaasup ucing bersèka. Kandang si entut warna hideung ukuranana lumayan badag. Katingali andalemi na dina keur cicing jeung keur nurut ka abdi.
                                Lamun si entut leungit atawa di paok ku batur rarasaan abdi teu walakaya jeung bakal sedih na kacida, sabab abdi geus nyaah pisan ka si entut da geus di urus ti lahir nepi ka ayeuna jeung abdi gè resep pisan kanu ngarana ucing.

v  Conto Dèskripsi
                Abdi gaduh motor. Motor èta tèh pamasihan ti bapa abdi. Abdi tiasa nyandak motor tos tibarèto. Abdi sok nyandak motor ka sakola. Motor abdi mèrek na Honda Beat. Warna motor abdi konèng jeung beureum. Mèsèr na tèh di Jakarta. Abdi dipangmèsèrkeun motor èta tèh pas keur ulang taun.
                Motor abdi beuratna kurang leuwih 20 kilogram. Motor abdi ban na aya dua, bentukna buleud. Motor abdi sok disimpen di garasi. Motor abdi sok di mandian saminggu sakali. Motor abdi tèh bensinna 10 lètèr sapoè. Abdi sok nganteurkeun adi abdi ka sakolana nganggo motor abdi. Motor abdi ban na pernah kempès 2 kali. Alhamdulillah abdi teu acan pernah cilaka pas keur nganggo motor ieu. Motor ieu tèh kedah dijaga ambèh henteu babari ruksak.


3 komentar:

Unknown mengatakan...

Sadèrèk saparakanca ieu tèh mangrupakeun conto laporan ngeunaan Tèks Dèskripsi, mugia ieu postingana tiasa mangpaat ^_^

Efa Farida mengatakan...

wanda teks deskripsi teh mung aya dua rupa?

SyifaVina mengatakan...

terima kasih blog ini membantu tugas saya

Posting Komentar